Bagea para wargi!!!

Haturan Wilujeng Sumping ka sadayana,

sumangga linggih....

Sabtu, 31 Oktober 2015

Nyeuseuh Lauk


Ieu kajadian teh kaalaman pisan ku aki kuring (sandiasma aki Pangebon) sababaraha waktu katukang persisna kira-kira bulan Mei 2009. Di caritakeu teh bane we geus ngantongan SIM (Surat Idin Mendongeng) ti pemeran utamana, heueuh ti aki kuring.. Kajaba ti eta itung itung diajar nulis eh ngetik ketang...

Aki teh sabumi sareng putrana nu bungsu, najan kitu ari barang damel nu hampang hampang mah tara ngandelkeun teuing ka putra mantuna najan sok pada nyaram oge, sok ku anjeuna wae nyalira. Teu betah panginten.. keur mah eukeur anjeuna mah sanaos tos sepuh oge ( Mei 2009 nak 75 taun)..jag-jag sareng aktif keneh..

Hiji mangsa bak mandi nu aya di bumi aki, nu ukuranna kawilang gede teh di kuras ku putrana.. Atuh kapaksa pangeusi eta bak nu mangrupa sakadang lauk emas teh dihijrahkeun heula kana jolang. Lauk teh ingon-ingon de Lita, putu aki ti putrana nu bungsu tea.

Wanci janari leutik isukna, (aki anu geus matuh pami gugah kulem teh tara kapayunan ku adan subuh), aki harita ge tos gugah.. Teras anjeunna ka pawon bade naheur cai kanggo siram. bari ngantosan cai ngagolak, anjeuna bebenah nu sanes.Anjeunna nyandak anggoan nu bade di seuseuh ti kamarna, gebrus di abuskeun kana jolang nu geus aya caian. Kop kana deterjen (moal disebutkeun ah merk deterjenna mah bisi disangaka iklan) nu di gantungkeun dina kapstok, laju diburulukeun sacukupna. Sanggeus kitu seuseuhaneun nu tos di deterjennan teh di kucek-kucek meh deterjenna rata teu gugumplukan.

Eta mah barang keur nguyab-nguyab anggoan tea, karampa ku aki dina jero jolang aya nu leueur semu geunyal... Panasaran, ku aki teh dicandak... ana gorehel teh sihoreng teh sakadang lauk emas nu di pindahkeun kana jolang tea geus bungkang, sigana mah waregeun di parap deterjen lauk teh...

Nempo kitu aki bati hareugeueun bari seuri koneng...


"emh, aki-aki..batur mah moal aya nu ngalaman nyeuseuh lauk nya ki?!!!"





Saung Tresna Asih, awal September 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar