Bagea para wargi!!!

Haturan Wilujeng Sumping ka sadayana,

sumangga linggih....

Sabtu, 31 Oktober 2015

Nyeuseuh Lauk


Ieu kajadian teh kaalaman pisan ku aki kuring (sandiasma aki Pangebon) sababaraha waktu katukang persisna kira-kira bulan Mei 2009. Di caritakeu teh bane we geus ngantongan SIM (Surat Idin Mendongeng) ti pemeran utamana, heueuh ti aki kuring.. Kajaba ti eta itung itung diajar nulis eh ngetik ketang...

Aki teh sabumi sareng putrana nu bungsu, najan kitu ari barang damel nu hampang hampang mah tara ngandelkeun teuing ka putra mantuna najan sok pada nyaram oge, sok ku anjeuna wae nyalira. Teu betah panginten.. keur mah eukeur anjeuna mah sanaos tos sepuh oge ( Mei 2009 nak 75 taun)..jag-jag sareng aktif keneh..

Hiji mangsa bak mandi nu aya di bumi aki, nu ukuranna kawilang gede teh di kuras ku putrana.. Atuh kapaksa pangeusi eta bak nu mangrupa sakadang lauk emas teh dihijrahkeun heula kana jolang. Lauk teh ingon-ingon de Lita, putu aki ti putrana nu bungsu tea.

Wanci janari leutik isukna, (aki anu geus matuh pami gugah kulem teh tara kapayunan ku adan subuh), aki harita ge tos gugah.. Teras anjeunna ka pawon bade naheur cai kanggo siram. bari ngantosan cai ngagolak, anjeuna bebenah nu sanes.Anjeunna nyandak anggoan nu bade di seuseuh ti kamarna, gebrus di abuskeun kana jolang nu geus aya caian. Kop kana deterjen (moal disebutkeun ah merk deterjenna mah bisi disangaka iklan) nu di gantungkeun dina kapstok, laju diburulukeun sacukupna. Sanggeus kitu seuseuhaneun nu tos di deterjennan teh di kucek-kucek meh deterjenna rata teu gugumplukan.

Eta mah barang keur nguyab-nguyab anggoan tea, karampa ku aki dina jero jolang aya nu leueur semu geunyal... Panasaran, ku aki teh dicandak... ana gorehel teh sihoreng teh sakadang lauk emas nu di pindahkeun kana jolang tea geus bungkang, sigana mah waregeun di parap deterjen lauk teh...

Nempo kitu aki bati hareugeueun bari seuri koneng...


"emh, aki-aki..batur mah moal aya nu ngalaman nyeuseuh lauk nya ki?!!!"





Saung Tresna Asih, awal September 2009

Taya nu apal



Kamari si dadap,
poe ayeuna si waru,
isukan...
...taya nu apal

boa isukan dulur urang,
boa isukan kolot urang,
boa isukan...
...urang sorangan...
taya nu apal

Kamari jagjag,
poe ayeuna gering,
isukan...
...taya nu apal

boa isukan gering parna,
boa isukan jagjag waringkas,
boa isukan...
...disampeur ajal...
taya nu apal

Kamari bungah,
poe ayeuna tunggara,
isukan...
...taya nu apal

boa isukan tambah nalangsa,
boa isukan meunang nugraha,
boa isukan..
...biheung...
taya nu apal



Kebon Kolot, tengah September 2009
(dina tungtung panineungan ka nu geus mulang)

Pangjugjugan



Jirim diri lunta neang luang
dina lolongkrang sugan jeung sugan
Nu kapanggih hambalan ham-ham
pinuh karingrang
na ka mana ringkang bugang kudu ngalayang
na ka mendi wujud diri ngajugjugan
Geus taya pangjugjugan
Geus euweuh pangreureuhan
Naha rek ka gunung nu ngajugrug
Atawa kokojayan di sagara ngampar
Karah rek ngancalang ka mega malang
Jung, geura jugjug
Bral, geura sorang
Nu saestu, tuh dina handapeun samboja
Dipayungan ku padung, di tetenggeren ku saliara
Dirurub ku taneuh beureum...


Wanakerta, 11 Februari 2011

nu ngariyeg najan sakiceup..



Riyeg.... riyeg...
bumi genjlong,
hate ngalenyap,
pikiran sumoreang,
kumalayang
..ka sarakan..


Riyeg.... riyeg...
aya sora nu ngoceak...
di sasaak.
aya ceurik nu elah-elih...
balilihan.
aya tatu nu gudawang..
dina sakujur badan.


Riyeg.... riyeg....
aya nu ancur lebur...
...ancurna napsu jeung kasarakahan.
aya nu bubar katawuran...
...bubarna rasa adigung jeung kasombongan..
ku nu ngariyeg najan sakiceup..


Dina tungtung kamelang...


Saung Tresna Asih, awal September 2009

Narasi ketir




Ah, hate raca ku tatu tina ungkara nu kedal Peurih, nyodet hate,, Lamun tea mah wasa, hayang meuntas ka dunya sejen Lamun tea mah bedas hayang ngajerit...
Meh pangeusi jabaning langit milu tunggara Meh jabaning langit muragkeun cimata...

Tapi teu wasa...
Nu bisa ukur ngageuri, bari balilihan ceurik elah elih,, Tapi teu wasa, leumpang ge ukur lengkah nu di beungbeuratan narasi wegah,,,

Nya di dieu,,,,
Dina lolongkrang lewang, hate jumarigjeug neangan pamuntangan,,,,

Primajasa, km 62
26-04-2014

Mustika nu Leungit

Ki Satria metakeun pangawasa
mentangkeun jamparing tina gondewa
gandang...
gagah...
pertentang...
rep sidakep mapatkeun jampe jeung jangjawokan
bur mubyar cahya kinasihan
hurung marengan mesatna jamparing

gabres..
jamparing niruk jajantung
mubus kana iga burung

Nyi Putri ngadangheuak
ngahegak siga tos nanjak
aya geutah nu ngabayabah
aya inghak bangun ogo
aya koceak dengek dina rehe combrek
aya harewos nu haroshos
aya nu awor dina galura kasono
aya nu lalayaran dina sagara tresna
aya nu bedah ku tanaga bedas
aya ..
..mustika nu leungit duka kamana




Dina wanci geus ngagayuh ka janari....

Kebon Kolot, 04 Oktober 2009

Majar Maneh..



Majar maneh kumaha jodona
Majar maneh kumaha jadina
Majar maneh moal maksa duriat
Majar maneh rek manjangkeun baraya
Geuning ukur na lambe

basa urang pegat duriat
anjeun bet malik ngewa
tuang ibu siga nu bendu
tuang rama bangun nu wera
ari kitu mah teu karna Allah ta'ala...
Harianeun..




Dina lolongkrang lamunan...


Cikopak, 12 Oktober 2009

Lalakon Kacapi Pegat

Jentreng kacapi nu kaluar tina kawat-kawat nu paregat
Geus kapireng rada peura..

Ukur sora eta
nu marengan kana lengkah manehna milemburan
kai –kai nu geus barolong siga harepan manehna nu geus hampos
teuing lunta kamana...

inang-inang sawareh geus laleungitann
sarua siga babaturan nu sababad jeung manehna nungtutan laleungitan....



Purwasari, Poe Panungtun di bualn Oktober 2015

Kasuat-suat

Baheula...
Didinya urang gogonjakan, jeung kaheman
Didinya urang silih simbeuh, ku kadeudeuh
Didinya urang silih baledog, ku kasono
Didinya urang jangji pasini, dina ati
Didinya urang ngedalkeun subaya, tanda cinta

Ayeuna...
Urang patepung, nya didinya
Dina dada awor sagala rasa, ngagalura
Handapeun katapang,jadi saksina
Nu teu weleh satia, tugur ka urang
Mulangkeun panineungan, alam ka tukang
Ka mangsa baheula, nu ayeuna jadi kasuat-suat...




"Oleh-oleh" reuni akbar 26 September 2009

Kebon Kolot, 27 September 2009

Kadeudeuh ka nu Reureuh..

Geus tilem hiji pamuntangan
nu natrat iwal kaheman
Geus muguran hiji tunggul karahayuan,
nu nyesa iwal panineungan
Geus ilang hiji komara,
nu hibar ukur dangiangna..

Seungit malati ngandung ciri aya nu nganti
Ligarna samboja medalna tangara mukana pangbagea

nu nganti taman firdaus nu suci
nu ngabageakeun para malaikat di sawarga..

Bral...
wilujeng angkat..
kaasih salira hamo ka silih...
katineung salira tanwande nganteng


Alloohummagfirlahu warhamhu wa‘afihi wa‘fu anhu...


Parigi, tungtung Ramadhan 1430 H

Duh Gusti...

Gusti...
Tatu ieu tacan lita, gudawang keneh
Cimata ieu tacan saat, ngalembereh keneh

teu kalis ku sumilir angin lirih
teu kagembang ku sora nu ngawirahma
aya amarah nu beuki rongkah
genjlong deui
...oyag deui beuki rosa

Duh Gusti...
Tina tatu renung rasa kaduhung
Tina cimata ieu kedalna katunggara

Rumaos gusti... rumaos
diri tebih ti salira,
...raket jeung dosa

Aduh Gusti...
Ampun gusti...
hampura abdi.




Kebon Kolot, 2 Oktober 2009

Carita Malati

Malati nu kungsi ngeusian ati
kiwari nembongan deui...
..ngalangkangan deui

Malati nu kungsi leungit na ati
kiwari datang deui...
..ngarongheap deui

Malati nu kungsi sulaya jangji
kiwari ngagupayan deui...
..ngiceupan deui

Malati kamari..
geus ngancik di kajauhan..
dina pajaratan cinta..

Malati kiwari..
keur ngancik na lelembutan
dina gapura hate..




Kebon Kolot, poe ka salapan bulan salapan taun dua rebu salapan

dina tungtung panineungan

Carioskeun ka anak incu

Carioskeun ka anak incu,
Yen urang kungsi ngalalakon di ieu tempat
Carioskeun ka anak incu,
Yen urang kungsi ceurik balilihan di ieu tempat
Carioskeun ka anak incu,
Di tempat eta oge urang meunang suka bungah jeung kabagjan
Carioskeun ka anak incu,
Di dinya urang meunang kasinugrahaan
Carioskeun oge ka anak incu,
Dina getih aranjeunna gumulung
Jeung ngagolontor rezeki ti Allah nu sare'atna medal ti ieu tempat...
Pamungkas carioskeun ka anak incu,
Yen eta tempat teh PT SUMI INDO WIRING SYSTEMS

Anaking


Anjeun
pamatri asih, pamageuh deudeuh Abah jeung Ambu
Anjeun
Nu natratkeun tali duriat Abah jeung Ambu
Anjeun
Nu dianti anti beurang jeung peuting ku Abah jeung Ambu
Anjeun
Kembang puputon nu didama-dama ku Abah jeung Ambu
Anjeun
Sagara harepan sirung rahayu Abah jeung Ambu
Anjeun
Anaking, nu ngacik di alam rahim....

Antara Sadang jeung Subang 2

(antara Sobat kuring jeung lalakonna…)

Aya asih nu nyamuni, hanjakal teu katepi
Aya rasa nu nyaliara, hanjakal teu kungsi wakca
Ayeuna, wakca balaka jadi marga aya nalangsa
Ayeuna asih teh tinggal kapeurih sababna geus pada-pada kasilih
Ayeuna cinta teh kakara balaka
Sanggeus mangpuluh taun nyangkaruk na acining kalbu...
Ayeuna aya kahanjakal nu moal bisa kaubaran...




Wanakera, 11 Februari 2011

Antara Sadang jeung Subang 1

(Hiji Panineungan)

Aya carita nu kacatet jadi hiji lalakon
Tina rasa hate nu hayang ngantengkeun duriat,
Tina rasa miasih anu henteu kapilih
Aya tresna nu ngabebela,
hanjakal lain kadinya jeung teu bisa dipaksa
Aya nu wuyung kateluh ku kagandrung
Aya nu lara balukar cinta teu kungsi wakca
Aya nu ngarep-ngarep hanjakal teu daek nyanghareup
Aya nu teu walakaya sanggeus teu dipirosea
Aya hiji catetan dina panineungan
Nu natrat antara Sadang jeung Subang




Wanakera, 11 Februari 2011