Bagea para wargi!!!

Haturan Wilujeng Sumping ka sadayana,

sumangga linggih....

Sabtu, 23 Januari 2010

Naha


Naha ieu nu di sebut cinta..
Naha ieu nu di sebut asih...
Naha aya rasa tibelat
ka diri salira...
...beurang jeung peuting.

Duh Jungjunan...
naha anjeun bet teu ngartos
kana pagaliwotana ieu rasa
nu di sidem na jero dada
nu ngagedur ti baheula...

Naha saha atuh nu salah..
Na saha nu kudu di salahkeun..
kuring tumanya ka salira
"Naha kuring geus salah lengkah?"
alatan aya rasa cinta ka salira...

Geulis...
diantara urang taya nu salah
sabab micinta jeung dipikacinta
mangrupa kodrat jeung kadarna manusa
lebah dieu nu salah ngan sahiji,
nyaeta... kaayaan!!
Naha...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar