Peuting ieu kuring anteng kadua bulan nu marengan,
panon ieu neuteup Purnama hayang ngajugjugan eusi hatena,
Angin peuting ngahiliwir lirih nembus sum-sum jeung rasa hate,
Taya galindeng nu nyoara...
Taya gending nu ngawirahma...
nu aya ukur kabingung jeung kamelang,
bisi kuring teu nepi ka isukan..
bisi peuting ieu Ijroil datang nepungan..
dina gumuruh jeung haroshosna sora,
aya perang rasa anu campuh,
aya harewos nu kudu di tepikeun:
"hampura kuring....
.....kuring deudeuh jeung nyaah ka anjeun...."
Kebon Kolot...
Ahad, 09 Austus 2009
Sabtu, 23 Januari 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar