Bagea para wargi!!!

Haturan Wilujeng Sumping ka sadayana,

sumangga linggih....

Minggu, 14 Februari 2010

Ayeuna kuring datang...

Nu lawas teu di teang ngan nembongan,
di sieuhkeun beuki ngadeukeutan
di singlar lain janglar
di popohokeun malah beuki sono

Anjeun...
kembang katresnan di taman ati
ngagupayan ti katebihan
ngiceupan ku kiceup sasari
ngadilak ku dilak matak ngalenyap

Jungjunan...
ieu hate ayeuna disanggakeun
ieu tresna ayeuna di jajapkeun
ieu asih ayeuna di pasihkeun
Ieu kuring ayeuna datang.....





Kebon Kolot (saung Tresna Asih)
Ahad, 16 Agustus 2009



Lembur Katresnan...
Lembur kaasih...
Tempat Pangbalikan...

20 Juni jam 12 peuting

Basa surya kasilih candra
basa peuting mimiti nyaring
basa gundukan suluh dihuru
jadi cacaang poekna peuting

Harita jam dua welas peuting
hiliwir angin geus ngadalingding
galura laut kidul geus handaruan
jadi saksi di basisir Pangandaran

urang patepung panungtungan
ngahiji teh bet panganggeusan
hayu cacapkeun ieu kasono
geura budalkeun sakabeh rasa

Sing inget...
isuk urang tangtu papisah
ngudag kahirupan sewang-sewangan
pikeun teangeun mangsa nu bakal datang

dua taun urang ngahiji
dina beungkeutan tali kaasih
mugi kanyaah sing tetep manjang
najan urang bakal paanggang..


Panineungan sareng sobat-sobat alumni 2-3 SMA Negeri 1 Ciamis angkatan 1999